Sabtu, 12 Januari 2013

GAMELAN

Gamelan Degung

Luncat ka: pituduh, sungsi

Pintonan RRI maké gamelan degung (24 April 1966)
Gamelan degung nya éta gamelan has tradisional Jawa Barat hususna suku Sunda[1]. Kecap degung asalna tina akronim Deg ngadeg ka nu Agung (ngadeg=nangtung, agung= megah atawa pangagung)[2][3]. Lian ti éta asal kecap degung tina kecap ratu-ratu agung atawa tumenggung, sabab jaman harita ieu musik dipikaresep ku para pangagung (ménak atawa bangsawan), misalna Bupati Bandung R.A.A. Wiranatakusumah V anu sok mgadokuméntasikeun sababaraha lagu kana bentuk rekaman[2][3]. Awalna mah degung téh dipintonkeun dina wanda instrumental wungkul (karawitan gending), tapi kaayeunakeun mah, degung sok dipaké pamirig lagu[1]. Dina kamus susunan H.J Oosting (1879) kecap degung téh tina kecap De Gong (basa Walanda) anu hartina penclon-penclon nu digantung[3].

Daptar eusi

Bahan

Gamelan degung anu alus dijieunna tina perunggu, anapon gamelan anu maké bahan wesi jeung kualitas anu leuwih basajan dimaksudkeun sangkan gamelas bisa leuwih kahontal ku masarakat, hususna pikeun pangajaran di Lembaga-lembaga atikan[1]. Anapon perangkat tambahan saperti kendang, suling, jsté dijieun tina bahan anu béda deui[1].

Papasingan Waditra Dina Gamelan Degung

Istilah waditra, hususna dina degung nya éta istilah anu nyoko kana alat-alat anu digunakeun dina saperangkat gamelan (instrumén). Ilaharna wadtra-waditra dina gamelan degung ngawengku:
  1. Bonang, anu kabagi jadi 14 penclon dina ancakna. Ngadérét mulai ti nada mi nepi ka nada la ageung;
  2. Cemprés, anu ngawengku 14 wilah nada. Ngadérét ti nada mi alit nepi ka la rendah;
  3. Panerus, bentuk jeung jumlah nadana sarua jeung saron, ngan ilaharna sok béda oktafna wungkul;
  4. Jengglong, anu kabagi jadi 6 wilah. Disimpen kucara digantung atawa disimpen siga bonang dina gemelan pélog (disimpen di Luhur benang);
  5. Goong, Awalna mah ngan saukur maké gong gedé wungkul, tapi kaayeunakeun mah sok maké kempul saperti anu digunakeun gamelan pélog;
  6. Suling, dina gamelan degung, suling anu digunakeun nya éta suling anu boga opat liang;
  7. Kendang, pungsina keur ngatur ritem, anu ngawengku hiji kendang gede jeung dua kulantér[2].

Kamekaran Gamelan Degung


R.A.A. Wiranatakusumah V, nu ngawanohkeun gamelan degung di Bandung

Pindah ka Bandung

Baheula, gamelan degung ngan dipaké minangka instrumén wungkul, lantaran Bupati Cianjur R.A.A. Wiranatakusumah V ngalarang degung anu maké nyanyian (vokal) sabab bisa nyieun suasana anu kurang serius[3]. Nalika R.A.A. Wiranatakusumah pindah ka Bandung, gamelan degung anu ngaranna pamagersari ieu katut nayagana ngilu pindah ka pendopo Bandung dipingpin ku Idi[3]. Sabada pindah ka Bandung, gamelan degung loba dipaké dina acara hajatan sabab loba nu kairut ku sorana anu éndah[3]. Tisaprak harita Bupati nitah nyieun gamelan degung deui anu dingaranan Purbasasaka, dipingpin ku Oyo[3]. Salian ti éta, gamelan degung sok dipaké pikeun musik gending karesmén dina pagelaran-pagelaran saperti Lutung Kasarung jeung Mundinglaya dikusumah[3]. Taun 1954, degung mulai dipaké pikeun mirig kawih-kawih Sunda, utamana ku grup Parahyangan anu dipingpin ku E. Tjarmedi[3]. E. Tjarmedi jeung Rahmat Sukmasaputra nya éta salah sahiji anu méré ide ayana nayaga wanoja[3].

1970-1980

Taun 1970-1980 beuki loba waé anu ngagarap gamelan degung, misalna Nano. S kalayan grupna Gentra Madya (1976), Lingkung Seni Dewi Pramanik anu dipingpin ku Euis Komariah, Degung Gapura kagungan Kustyara, jeung degung gaya Ujang Suryana (Pakutandang, CIparay) anu kasohor ku gaya maénkeun sulingna anu has[3]. Nano. S ngasupkeun waditra kacapi dina degungna[3]. Nano. S nyiptakeun lagu kalayan intro jeung aransemén sorangan, sababaraha karyana anu direkam dina bentuk kasét suksés di Pasaran, diantarana Panglayungan (1977), Puspita (1978), Naon Lepatna (1980), Tamperan Kaheman (1981), Anjeun (1984) jeung Kalangkang nu dinyanyikeun ku Nining Meida jeung Barman Syahyana (1986)[3].
Béda jeung mangsa awal (taun 1950an) nu dimana para penyanyi degung lolobana ti kalangan penyanyi gamelan pélog saléndro (pasindén; ronggéng), penyanyi taun 1970-an lolobana ti kalangan mamaos tembang Sunda Cianjuran, boh lalaki boh wanoja[3]. Juru kawih anu kasohor ti kalangan mamaos dianatarana: Euis Komariah, Ida Widawati, Teti Afienti, Mamah Dasimah, Barman Syahyana, Didin S. Bajuri, Yus Wiradiredja, Tati Saléh, jsté[3].

Kiwari

Gamelan Degung kaayeunakeun mah sok dipaké pikeun mirig lagu non-klasik dina acara-acara ririaan (hajatan)[4][5]. Pikeun pola lagu atawa nabeuhna loba maké polanu diadaptasi tina kiliningan[4]. Misal gending catrik, kulu-kulu, Cirebonan, Banjaran, Jipang lontang, jsté[4]. Sedengkeun pikeun lagu-lagu klasik mah jarang pisan dibawakeun, aya kamungkinan ieu hal disababkeun alatan para pangrawit degung loba anu henteu apal lagu-lagu klasik[4]. Salian ti éta musik degujng ogé biasa kapireng dina upacara adat Sunda, féstival jeung pintonan seni[5]. Anu ironis nya éta kurangna minat generasi ngora dina ngokolakeun katut ngamumulé ieu budaya, anu malah leuwih dimekarkeun ku pihak asing[5].

Kamekaran di Luar Nagri

Saluareun Indonesia, kamekaran degung dilaksanakeun ku paguron luhur seni jeung para musisi, misalna Lingkung Seni Pusaka Sunda ti Universitas Kalifornia (Santa Cruz, USA), musisi Lou Harrison (Amerika), John Siddal (Kanada), jeung Rachel Swindell anu dibarengan ku mahasiswa séjénna ti London (Inggris), Paraguna ti (Jepang)[6][7]. Di Melbourne, Australia aya hiji perangkat gamelan kagungan Universitas Melbourne anu sok dipaké ku hiji komunitas nu resep musik Sunda pikeun latihan jeung minton di féstival-féstival[6]. Mekarna Gamelan degung di Luar nagri teu leupas ti kontribusi Nano. S salaku seniman Sunda anu imahna tara sepi ti para tenaga pengajar luar nagri anu hayang diajar seni Sunda[7].
John Siddal nya éta salah sahiji tokoh anu kungsi diajar ka Nano. S, tuluy John ngadegkeun grup degung Ever Green di Vancouver, Kanada[7]. Garapan Degung Ever Green salian mawakeun komposisi lagu Sunda, ogé mintonkeun garapan anyar anu kaluar tina wengkuan gamelan degung di Sunda[7]. Garapan kalayan pola musik Kulon diterapkeun dina gamelan degung tan maké waditra tambahan séjénna[7]. Anu béda ngan komposisina wungkul, sedengkeun laras mah tetep musrni[7].
Salah sahiji Universitas nu geus lila boga gamelan degung nya éta Universitas nu aya di Santa Cruz[7]. Harita, naika taun 1990-an aya rombongan pengajar ti Santa Cruz datang ka Bandung terus tepung jeung Wali kota Bandung, Ateng Wahyudi[7]. Harita pa Ateng masihan saperangkat gamelan degung, saluyu jeung paménta maranéhna[7].

Galeri

Tidak ada komentar:

Posting Komentar